Salam
Assalamulaikum warohmatllohi wabarokatuh
Pangbagea
Bapa kepala sekolah nu kusimkuring dipikahormat, bapa-ibu guru nu kusimkuring dipikahormat Kanca mitra rerencangan saangkatan sareng adi-adi kelas anu kusimkuring dipideudeuh dipiteneung. Hadirin anu ku simkuring dipikahormat,
Bubuka
Alhamdulillah sadaya puji kagungan Allah anu parantos masihan kasempatan ka urang sadaya kanggo ngariung di ieu tempat. Solawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka kangjeng Nabi Muhamad Saw, ka kulawargina, para sohabatna sreng umatna dugi ka akhir jaman. Ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantos masihan waktos ka simkuring pikeun ngadugikeun ieu biantara.
Eusi biantara
Hadirin anu kusimkurig dipikahormat, Supados teu nyangkolong teuing kana waktos, aya 3 hal anu bade di dugikeun: Kahiji mungguh ari waktu di dunya geuing asa nyerelek pisan. Asa kamari urang sadaya ngalaksanakeun acara sepertos kieu, ayena kasampeur deui Bagja dina wangkid ieu tiasa patepang, mugia urang sadaya dipanjangkkeun yuswa kalayan tiasa ditepangkeundeui dina sasih Ramadhan nu baris dongkap, mugia Allah marengkeun pamaredih urang sadaya. Kadua. Sasih saum urang sadaya nahan lapar, nahan halabhab, nahan hawa napsu, nahan sanes kanten nu tiasa ngabatalkeun kana saum. Tangitos eta sadaya nu dipilampah ku mung kanggo milari karidhoan Gusti nu Maha Suci. Mugi Nu Maha Gofur ngawur rahayu ngahapunten kana sanes kanten kalepatan urang sadaya. Ku kituna hayu urang sadayana jembar urang teu sanes manah pikeun muga gapura pangampura. Gusti Allah lautan pangampura piraku urang umatna mantena henten ngahampura Teu hilap simkuring seja nyanggakeun Takobalohu mina waminkum siamana wasiamakum. Taqobal yakarim. Minal aidin walfaidin. Neda dihampunten tina sanes kanten kalepatan, sbada silih bubarkeun, silih iklaskeun, mugia urang sadayana diwangsulkeun deui kana firahna.
Panutup
Sakitu wae anu kapihatur, sateuacan mungkur, hapunten bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa anu teu kareka, hapunten anu kasuhun. Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.